Tara ti sasarina, bet karasa tiris di lembur téh. Atawa pédah keur usum hujan?.. Ceuk kuring dina haté.
Ngalieuk kanu gigireun, indung barudak, masih peureum. Geus satia maturan ti Bandung kénéh, ngan duka palebah mana tibrana téh. Ah, capéeun meureun!..
Mobil nu dibawa kuring kadua pamajikan, maju geus ngaliwatan Sandaan, méh béak Garunggang. Asup ka daérah Balandongan, sajajalan lénglang kénéh… Kuring ngendoran nincak gas, bari noélan maksud ngaguyahkeun nu dugsek beulah kénca,
“Yeuhh… yeuuuh, geura gugah! Tos dugi!!..” ceuk kuring.
Nu dihudangkeun ngulisik, tuluy beunta bari luak-lieuk nyidik-nyidik lelebahan umangna mah.
“Tos dugi mana dih ieu?..” pokna, neuteup kuring.
“..Surabaya!!” Kuring némbalan kanu keur gigisik kénéh. Tuluy manéhna sadar, yén geus nepi di Cijulang sanggeus liwat alun-alun.
Adan subuh mimiti kadéngé ti unggal masigit, sorana ampir rampak tur harus pisan bubuhan di tiap masjid nepi ka tajug ogé, jaman kiwari mah geus diparasang corong spiker.
Saprak inget nepi ka ayeuna, sababaraha lagam jeung sora adan tina éta corong téh, angger, nya nu éta-éta kénéh baé, sora nu geus tuwuh, malah bisa disebut aki-aki. Ti baheula ogé, jarang budak remaja lalaki nu sok kadéngé jeung daék ngong adan dina spiker. Ngan aya hiji-dua baé sora budak ngorana nu rajeun wantér.
Alhamdulillah, paranjang umur modin di lembur téh. Dalah rék saha deui barina ogé, nu deuk neruskeunna.
Kahayang mah rada lila cicing di lembur téh. Sono ka babaturan nu geus lawas teu patepung. Heubeul teu soan ka baraya jeung dulur-dulur, nu ngan saukur panggih mun Lebaran. Kitu ogé lamun meunang cuti tur euweuh tugas, nu matak teu meunang ditinggalkeun. Ayeuna mah balik ka lembur sotéh, pédah geus lila teu nepungan kolot, jeung rék néang si bungsu, téréh béak pakancina. Turuganan ngan dibéré idin dua poé ti pagawean.
Éta baé, geus diniatan ti méméhna deuk ulin ka sisi basisir ogé, nepika bedona. Wanci subuh, kuring nepi lembur, tepi ka tabuh opat soré, hujan ngagebrét euweuh eureunna.
Tapi aya untungna ogé, bisa ngumpul-ngariung jeung nini-akina barudak tumaninah. Ngawangkong jeung ngadongéngkeun mangrupa hal nu bisa kainget, ampir cacap taya nu kaliwat.
Katarémbong kumaha galumbirana nu keur nanggap incu, nu sababaraha mangsa deui jadi parawan, baris neruskeun harepan mangrupa cita-cita maranéhna anu acan sempet karandapan…
Langit beulah kalér semu hideung kénéh, geuneuk. Hujan can daékeun raat. Lapang hareupeun, pipireun imah jeung solokan, méh lébér ku ci hujan. Matak wegah manglaku, komo geus kudu mulang deui ka pangumbaraan, ninggalkeun baligeusan.
Tapi si bungsu mah masih sadia mayungan akina nu keur ngala jambu aér di buruan, cacakan hujan ngagebrét, keur oléh-oléh, cenah majar téh.
Geus biasana mun balik ti lembur, kandaraan sok reuteum ku babawaan. Sarupaning tutuwuhan, bungbuahan, sayuran nepika béas lembur, tarasi katut samara séjénna diringkid kabéh. Kalapa ogé, teu baé dibawa jeung akar-akarna sugan…
sanggeus uluk salam, kuring jeung indung barudak, katilu nu bungsu, lalaunan ninggalkeun juru Lapang Taruna, dijajap gupay ogé pangdu’a. Mugia taya bancang pakéwuh dugi ka Bandung. Amiin…


















