Dunya seni, hususna di Tatar Priangan kaleungitan deui inohongna.
Raden Aang Kusmayatna Kusumadinata atawa anu dawam minangka dipikawanoh Kang Ibing, peuting tadi parantos ngantunkeun…
Innalillahi wainna ilaihi roji’un.
Kuring sorangan, saméméhna tacan percaya yén Kang Ibing tos maot. Saterusna néangan sawatara warta anu aya pakait jeung warta kasebut. Sanggeus maca tulisan Andrian Fauzi tina detikBandung jeung tulisan dina Pikiran Rakyat, kuring karék yakin.
“Bapa geus lila boga panyakit jantung. Tapi henteu daék diomong-omongkeun alatan sieun ngariweuhkeun batur”, kecap anak kahiji almarhum, Dikdik Kusmadika (32) di rumah duka, Margawangi Estate Jl. Kencana Wangi No. 70 RT. 01/13, Kalurahan Cijaura Kacamatan Buah Batu, poé Kemis peuting (19/8/2010). /sumber
Vidéo Kang Ibing Waktos Ceramah di Jepang
Rencanana, salah sahiji Inohong Sunda, Seniman Ahéng nu kaceluk/kakoncara sakaligus tukang bodor anu geus moyan asal Bandung ieu téh, baris dimakamkeun poé Jumaah isuk-isuk di wewengkon Gunung Puyuh, Kabupatén Sumedang.

Kang Ibing - d'Kabayan
Wilujeng Angkat, Kang..
Mugia langkung tengtrem di alam pawenangan.
Tangtosna waé sim kuring ogé Ki Sunda sanésna
Baris pohara kaleungitan Akang..!
_SundaKuring_


















