Kuring Ki Sunda! Pituin térah Basisir Laut Kidul. Lahir nyaéta di Cijulang (Kota Kamelang) 30 Séptémber 1974, ti Ibu-Rama (Netty Rochayati sareng Yoyo Yulia). Cindekna kota kalahiran kuring téh, rada mangratus kilometer ka béh kidul mun ti Ciamis Kota mah. Mémang rada nyingkur ka jojolok, tapi kuring bangga, reueus jadi urang Cijulang pituin sabab tidinya, ditempat éta kuring lahirkeun.
Alhamdulillah, geus aya welasan taunna kuring nyaba ngumbara di Kota Kembang, Faris van Java… éstuning jauh ti nu jadi kolot pikeun nyiar élmu, pangalaman ogé kipayah mungguhing hirup weruh ku pangabutuh. Nyoba ngajajal pait-peuheurna hurip sangkan kahirupan bisa lumangsung sanajan teu salawasna sakumaha nu diharepkeun.
Kuring ngajalanan hirup basajan waé, ilaharna siga batur. Taya basa atawa naon nu disebut istiméwa. Diajar kana komputer, sabada lulus ti SMAN Parigi (1993). Ti waktu harita, kuring kataji ku wébsite jeung sagala rupa di dunya onlén internét. Rajin ngoréhan artikel, tatanya (tapi lain ka para-normal) kaditu-kadieu, kumaha ari nu ngaranna ngawangun situs/wéb ku Script téh, neuleuman bahasa HTML, PHP/MySQL, CMS nepi ka Joomla!
Kuring ogé rajeun aktip dina forum Linux – ID : 495616 jeung ID-Joomla: ID-205469.
Kiwari, minangka diajar jadi Admin di NiartsDesign | Bandung, nyaéta situs Jasa pikeun ngawangun web ngagunakeun CMS Joomla! nu didirikeun dina ahir taun 2004.
Aran Ni Arts, tina inisial para-putri kuring, Nisa (cikal), Ary (pangais) jeung Tsurayya (bungsu) jeung logo/gambar Mata + tilu binar, tina wasta pun bojo Aini (basa Arab: Ainun) nu artina mata.
Dina sapopoé manglaku di ieu wéb depeloper téh, kuring teu sorangan, tapi dibantu nu séjén. Diantarana Agus Q’munk, Dhafi jeung Adhy. Salian ti kagiatanana sapopoé di NiartsDesign | Bandung, kuring jeung kaopat batur séjénna ngabogaan kasibukan masing-masing ogé, nu tangtuna mah teu matak ngabolaykeun kagiatan masing-masing. Alhamdulillah, geus aya sasabaraha situs wéb nu diwangun. Diantarana nyaéta : Polwiltabes Bandung, Polres Palabuhanratu (offline), RSK Jiwa Hurip Waluya, Satuan Resérse Kriminal Polwiltabes Bandung. Ayeuna ngagarap Bursa Kerja Luar Negeri (BKLN) Kabupatén Bandung.
Nepi ka kiwari pisan, samulangna ti pagawéan téh, teu carékna ampir unggal peuting kuring bagadang nongkrongan monitor komputer, ngan saukur nyiar informasi bisi katinggaleun perkembangan.
Malah mandar aya ki Sobat nu mikabutuh jasa kuring, ngawangun wébsite pikeun usaha/bisnis atawa organisasi maranéhna. Mugia!


















