Bayangkeun dunya nu sakabéh jalma pangeusina bisa kalawan bébas mikanyaho sakur kaweruh manusa.
Kutipan di luhur ngingetkeun kuring ka Jimmy Wales jeung Larry Sanger, nyaéta nu ngadegkeun ayana WikipéiaW di dunya internét, nu ceuk kuring mah gedé pisan jasana pikeun ngeusi rohangan mangrupa inpormasi.
Ku ayana hal éta, kuring ti baheula miboga niat tur hayang ngawanohkeun lembur kuring, CijulangW téh ka balaréa. Boh ngeunaan tempat, budaya, wisata jeung sajabana.
Alhamdulillah kuring kaparengkeun aya waktu ngalongok ka Kantor Kacamatan Cijulang, kalayan ditampi ku Patugas Kacamatan pikeun tumaros atakaéh inpormasi, ngeunaan Kecamatan CijulangW mangsa kiwari sagemlengna.
Cijulang Mangsa Kiwari
Ti saprak Ciamis Kidul baris jadi wewengkon otonomi nu anyar, kalayan surat kasaluyuan ngeunaan hal éta ti DPRD Ciamis katut kalengkepan séjénna, geus disérénkeun ka Kapala Biro Pamaréntahan jeung Otonomi Daérah Sétda Prov. Jabar, anu satuluyna baris diprosés pikeun diusulkeun ka DPRD Provinsi.
Lembur kuring, Kecamatan CijulangW , ogé geus mimiti ngabenahan pangwangunan, sistem pamaréntahan nepi ka sarana-prasarana pikeun pangladén publik.
A. UMUM
1. GÉOGRAFI
Ngeunaan Kecamatan CijulangW, nyaéta salah sahiji Kecamatan nu aya di beulah Kidul Kabupatén Ciamis ± 123 km mun diitung ti Ibu Kota Kabupatén mah. Luas wewengkonna, nyaéta 9.316 Ha :
- Daratan salega : 7.930 Ha
- Pasawahan salega : 1.368 Ha
Watesna, nyaéta :
- Kalér : Kecamatan Parigi
- Wétan : Samudera Pasifik
- Kidul : Kecamatan Cimerak
- Kulon : Kecamatan Cigugur.
2. DÉMOGRAFI
- Jumlah penduduk Kecamatan CijulangW = 25. 729 urang (Lalaki : 12.602 urang, sedengkeun awéwé : 13.127 urang.
- Kapala kulawarga, saloba 8.960
- Lobana penduduk rata-rata : 679 urang /Km.
- Ditilik nurutkeun Wangunan tempat padumukan/rumah tinggal lobana aya 7.014 siki, nyaéta nu diwangun; 2.473 siki Wangunan Permanén, nu Semipermanén aya 2.591 siki, sedengkeun Wangunan/imah panggung aya 2.050 siki.
Padumukan jeung pakampungan nu aya di luareun Desa CijulangW jeung KondangjajarW mah papencar, jeung pajarauh.
B. PAMARÉNTAHAN
Kecamatan CijulangW dibagi 7 désa :
1. Désa CijulangW / Swasembada II
2. Désa BatukarasW / Swasembada I
3. Désa KertayasaW / Swasembada I
4. Désa CibantenW / Swasembada I
5. Désa MargacintaW / Swasembada I
6. Désa KondangjajarW / Swasembada II jeung
7. Désa CiakarW / Swasembada I.
Tina anu 7 Désa téh, jumlah rincianna kieu :
- Dusun : 38
- RW : 90
- RT : 249
- Kelompok PKK Dusun : 35
- Kelompok PKK RT : 243
- Kader Désa Wisma : 357 Kader.
C. KONDISI SOSIAL MASARAKAT (KONSOS)
1. IDIOLOGI
- Yén Pancasila minangka Dasar Nagara Republik Indonésia sarta minangka Palsapah Hirup Bangsa, mangrupa hiji-hijina azas kahirupan bermasyarakat sarta ngagem agama, umumna geus dihayati ku masarakat.
- Yén nepi ka Laporan ieu dijieun, di Kacamatan Cijulang henteu aya hiji kagiatan atawa kajadian anu baris merongrong Pancasila.
2. PULITIK
- Yén kaayaan pulitik, nepi ka danget ieu (laporan bulan ieu) dina kaayaan mantep sarta henteu aya bentuk kagiatan anu baris ngabalukarkeun labil kana kaayaan sacara umum, boh tina aktivitas para nonoman atawa masarakatna.
- Yén wewengkon Kacamatan Cijulang anu kacatet OT aya 575, diwangun ti Golongan B saloba 2 jelema sarta Golongan C saloba 573 jelema.
3. ÉKONOMI
- Kahirupan masarakat di Kacamatan Cijulang umumna tina tatanén, anu dina waktu laporan ieu dijieun, sawaréh para patani keur ngalaman kasaatan ku cai.
- Di Wewengkon Kacamatan Cijulang, hususna pikeun sawaréh nu nyicingan Désa Ciakar, Cibanten, Kertayasa sarta sawaréh di Désa Margacinta, ngalaman kakurangan cai bersih.
- Panén paré, hususna sérang tadah hujan, hasil panénna kurang nyugemakeun alatan kahalodoan (kakurangan cai).Sedengkeun data sérang anu ngalaman saat cai di Kacamatan Cijulang nyaéta :1. Désa CijulangW lega sérang = 193 Ha, nu kagaringan 62 Ha.
2. Désa BatukarasW lega sérang = 100 Ha, kagaringan: 67 Ha.
3. Désa KertayasaW lega sérang = 225 Ha, kagaringan: 29 Ha.
4. Désa CibantenW lega sérang = 296 Ha, kagaringan: 296 Ha.
5. Désa MargacintaW lega sérang = 255 Ha, kagaringan: 86 Ha.
6. Désa KondangjajarW lega sérang = 224 Ha, kagaringan: 69 Ha.
7. Désa CiakarW lega sérang = 85 Ha, kagaringan: 79 Ha.Jumlah legana sérang jeung nu ka saatan :
sérang = 1.387 Ha, nu kagaringan: 784 Ha. - Harga Sembako salila bulan ieu dina kaayaan stabil, sanajan sawatara sektor ngalaman parobahan turun-naék (dina kaayaan wajar).
- Kahirupan pamayang/nelayan di Basisir Batukaras normal.
- Koperasi anu aya di Kacamatan Cijulang anu miboga badan hukum, diwangun ti 7 Koperasi, nyaéta Koperasi TUGU (persatuan Guru), Koperasi PEPABRI, Koperasi PWRI, Koperasi Minarasa sarta Koperasi KUD Kamulyan Cijulang I.
- Sajaba ayana Koperasi di Kacamatan Cijulang, di sawatara Désa aya ogé Persatuan Karaharjaan atawa disebut LKK, di unggal Dusun.
4. SOSIAL BUDAYA
- Dina Widang Pendidikan/Atikan salila bulan ieu kalayan lancar, aman sarta lantip kalayan sarana tempat atikan:- TK saloba 10 wangunan
- SD saloba 20 wangunan
- MI saloba 2 wangunan
- SLTP/MTs saloba 5 wangunan
- SLTA/MA saloba 3 wangunan
- Pondok Pasantrén saloba 9 wangunanKabudayaan sarta Olah badan, pembinaan sarta panyuluhan dilaksanakeun ku instansi nu patali.
5. HANKAM
Ku ayana kasiagaan sakumna aparat kaamanan anu aya di Wewengkon Kacamatan CijulangW, henteu lumangsung hal-hal anu teu dipiharep.
6. AGAMA
Karukunan umat ngagem agama, umumna lancar, alus sarta harmonis, antara hiji jeung nu séjén ngalaksanakeun pancén kaagamaan kalayan lantip séwang-séwangan.
Sarana tempat ibadah anu sadia/ipaké, nyaéta :
- Masjid Jame saloba 56 siki.
- Langgar saloba 191 siki.
- Mushola saloba 28 siki.
DATA SARANA KAAGAMAAN
NU AYA DI KACAMATAN CIJULANG
| No | Ngaran Desa | Masjid | Ponpés | Madrasah | Majlis Ta’lim |
| 1. | Cijulang | 36 | 1 | 6 | 11 |
| 2. | Batukaras | 35 | 3 | 7 | 7 |
| 3. | Kertayasa | 39 | 3 | 8 | 7 |
| 4. | Cibanten | 51 | 1 | 5 | 19 |
| 5. | Margacinta | 33 | 1 | 2 | 11 |
| 6. | Konangjajar | 31 | 2 | 9 | 9 |
| 7. | Ciakar | 26 | 4 | 10 | 11 |
| J u m l a h | 251 | 15 | 47 | 75 | |
Cijulang, 1 Maret 2010
Cap/Ditawis
CAMAT CIJULANG,
H.M. IWAN JUANA
Pembina
NIP. 19700916 199703 1 003



















