
Ma Kioh
Miéling Hari IbuW atawa Mother Day (ceuk basa deungun), dirayakeun dina tanggal nu béda di unggal nagara. Tangtuna mah latarbelakang, sajarah jeung asal-muasalna ogé béda.
Contona di Amérika Serikat, maranéhna ngarayakeun Hari Ibu téh tiap tanggal 8 Méi. Dimimitian ku dibentukna organisasi Mother’s Friendship Day taun 1868 , salaku pupuhuna téh Anna Jarvis. Ceuk béja, aya 74 nagara nu sarua jeung Amérika dina miéling Hari Ibu. Kaasup nagara tatangga urang, Brunei Darussalam.
Majar di urang ampir sarua jeung nagara Panama dina ngarayakeun Hari Ibu téh..? enya, sarua bulan Désémber.
Ngan mun di urang tanggal 22, di Panama mah nyaéta satiap tanggal 8 Désémber.
Ti saprak Kongrés Perempuan IndonesiaW, nu diayakeun dina tanggal 22 nepi ka 25 Désémber 1928 di Yogyakarta (Kongrés Wanita IndonesiaW). Karék dina Kongrés katilu (taun 1938), Présiden Soekarno netepkeun dina Dekrit Presiden No. 16 Tahun 1959, yén unggal tanggal 22 Désémber téh pikeun miéling Hari IbuW, minagkana hari peringatan nasional nepi ka kiwari (poé tadi pisan).
Caag, ah



















