
Gagah Kénéh!!
Ti saprak mimiti bulan puasa, kuring mémang acan rajeun deui ngamimitian nulis di Blog SundaKuring, bubuhan rada riweuh ku pagawéan séjénna (padahal, jampé horéam baé éta mah) 
Karék peuting ieu, tadi tas réngsé tarawéhan, muka deui blog téh.. tapi aina dibuka, saperti kieu nu kaluarna :
Sabenerna mah kuring sorangan teu pati reuwas, sabab saméméhna geus pernah maca artikel dina Tékno KOMPAS, anu tajukna: 71 Situs Indonesia Dikerjai “Hacker”.
Misi-na mah teu sapira, ngan saukur nitipkeun “file” wungkul jeung teu niat arék ngaruksak jeroan atawa kontén blog/wéb/situs nu di HACK-na sarta mémang tujuanna mah alus pisan (cenah ceuk maranéhna), nyaéta méré émbaran/warning sarta ngawanti-wanti pikeun para Admin/Pamilik situs/wéb atawa blog, yén situs wéb anu dikokolakeunna téh uduh atawa rangu pisan pikeun narima serangan ku “para hacker” luar Indonésia. éta ogé, lolobana nu keuna ku HACKER-NEWBIE.ORG téh situs-situs sakola, universitas jeung grup/forum belajar.
Meureun supaya ngingetkeun ka barudak sakola hususna, pédah rasa nasionalisme dikalangan rumaja (barudak sakola), cenah geus rada kurang aya dikieuna!! Tapi disagédéngeun hal éta, bubuhan meureun média jeung alat komunikasi jaman kiwari geus saléngkah rada maju tinimbangan jaman kuring baheula keur sakola. barudak ayeuna mah, mémang calakan euy…salut, lah 
..tapi saeutik rada bangkarwarah!!!? sabab kuring nepi ka *)nasteung dot kom. Hahahaaa…
Nu penting mah, kuring ngahaturkeun nuhun ka para Juragan Hacker.. nu parantos ngélingan tur méré pembelajaran ka kuring salaku Admin, yén kudu leuwih taki-taki mageuhan blog SundaKuring nu keur dikokolakeun ieu.
__cag!


















