Tatacara Kawinan Adat Sunda

Tangtu geus diaku ku balaréa, yén suku Sunda mibanda kahususan ogé kaunikan dina mangrupa hal, boh dina basa jeung sastrana ogé kasenian katut kabudayan séjénna. Dina kasempetan ieu, kuring nyobaan medar ngeunaan Tatacara Kawinan Adat Sunda (ti sababaraha sumber), sabab ngabogaan kahususan sarta kaunikan sorangan. Dumasar kana hal éta, tangtuna waé kuayana anggapan yén “perkawinan” téh mangrupa salah sahiji kajadian anu dianggap pohara pentingna dina lalampahan hirup manusa (cenah ceuk béja, kitu sotéh…) 12 Adat Sunda

Kuayana padoman kana sababaraha kanyataan éta, ngajadikeun tatacara upacara kawinan, hususna dina adat Sunda ngabogaan corak sorangan anu has, mangrupa sababaraha bagian/saréntét upacara ti mimiti saméméh prak acara nu poko (persiapan kawinan), nepi ka sabada réngséna Akad Nikah. Ku kituna dina hal bahasan tulisan ieu, kuring bakal ngabagi bahasan téh sacara umum jadi opat bagian waé, nyaéta :

A. Upacara persiapani Kawinan, anu diwangun ku:
a.a. Nanyaan.
a.b. Ngalamar jeung Nyeureuhan.

B. Upacara pikeun nyanghareupan Kawinan, anu diwangun ku:
b.a. Seserahan.
b.b. Ngeuyeuk Seureuh.

C. Upacara poko Kawinan, anu diwangun ku:
c.a. Ngabagéakeun calon pangantén lalaki.
c.b. Akad Nikah.

D. Upacara sabada réngsé Kawinan, nyaéta:
d.a. Sawér.
d.b. Nincak endog.
d.c. Buka pintu.
d.d. Huap lingkung.

Ayeuna kuring baris medarkeun hiji-hiji, ngeunaan harti jeung istilah-istilah tina bahasan anu disebutkeun di luhur.

A. Upacara persiapani Kawinan
a.a. Nanyaan

Nanyaan, asal kecapna tina “tanya”. Pihak kulawarga lalaki nganjang terus nanyakeun ka pihak kulawarga/kolot awéwé, ngeunaan daék atawa henteuna saupama anakna dijadikeun minantu. Dina hal ieu nyaéta dangong anu ngandung unsur réla jeung kasapukan ti dua beulah pihak dina enggoning nangtukeun kaputusan nu hadé.

Ilaharna hiji kulawarga anu keur anjang sono, kadatangan pihak lalaki sipatna antaré, teupati pormal atawa seurieus. Tapi nalika dina kasempetan nu tangtuna hadé, contona sabot gadis anu dimaksud nyuguhkeun inuman, tuluy pihak kolot lalaki nanyakeun, utamana ngeunaan éta budak nu nyuguhan geus aya nu boga atawa acan. Nalika kolot awéwé ngajawab “acan”, tangtu pihak kulawarga lalaki karék ngedalkeun maksud datang jeung tujuan nu sabenerna, nyaéta pikeun Nanyaan.

Pihak kolot awéwé moal narima kitu-kitu waé, tangtu nimbang-nimbang kalayan asak kana pamaksudan sémahna. Saupama hal ieu disaluyuan, haryina maksud “nanyaan” ieu geus kahontal sarta suksés. Sanajan kitu, acara kawinan tacan tangtu baris lumangsung. Alatan hal éta pisan, dina wayah “nanyaan” mah tacan nepi ka ngomongkeun kana masalah kawinanna, jadi dina hal ieu, ngan saukur istilah neundeun omong. 76 Adat Sunda

Sanggeus neundeun omong, kadua pihak kulawarga ieu mimiti saling anjang tur beuki akrab. Sanajan lian ti éta aya maksud séjén nyaéta pikeun silih merhatikeun sangkan diahirna teu silih nguciwakeun.

» nyambung ka bahasan: a.b. Ngalamar jeung Nyeureuhan… :cd: