Aksara Sunda

unicode as KamusAlhamdulillah, dina taun 2008, Aksara Sunda tos resmi nyumponan standar Unicode. Nu hartosna, aksara Sunda pituin téh parantos digunakeun disaluruh dunya. Janten tiasa digunakeun dina sistim operasi (softwaré), hususna pikeun program-program nu aya patalina sareng komputer sareng nu sanésna. Ki Sobat tiasa langsung ngagunakeun ieu aksara atanapi diterapkeun dina sistim operasi font linux, windows séwang-séwangan. Sateuacanna, tiasa diundeur heula didieu, atanapi langsung waé ti situs resmina di Aksara Sunda, nu diajangkeun pikeun saha baé nu aya maksud neuleuman aksara Sunda.

Kamus Basa Sunda

kamus KamusKanggo Ki Sobat nu meryogikeun Kamus Basa Sunda, Blog Basisir Laut Kidul, nyayogikeun Loka Tarjamah Otomati sacara Onlén Basa Indonésia ka Basa Sunda.
Program onlén ieu, diserat ku Kang Dian Tresna Nugraha. © 2007-2009. Dipedar kalayan lisénsi bébas GNU Vérsi 2. Tiasa langsung dilongok ka situsna, palih dieu.

Ngahaturkeun séwu nuhun ka Kang Dian Tresna Nugraha. Mugia sing aya mangpaat kanggo urang sadayana!!