sajak Sajak SundaDina wangun kasusastraan Sunda, SajakW kaasup dina katégori Sastra Moderen. Mun mapay lalakon umur tina runtayan sajarahna, SajakW Sunda, geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, “kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. aran landihan Pa Kiswa WiriasasmitaW nulis sajak”, kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa (dina: Saratus Sajak Sunda, Pangbagéa 46 Taun Sajak Sunda. Geger Sunten-Bandung 16-12-92).
Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra SundaW, nu nuturkeun nulis ditéma ku Polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman atawa banda ti deungeun-deungeun. Tapi kuring gé narimakeun, saluyu jeung sapuk, yén Sajak téh angger dipikaresep tur nu leuwih penting mah, dianggap hiji wangun éksprési pikeun nembrakkeun ogé ngagelarkeun sastra.

Ti saprak harita nepi ka kiwari pisan, Sajak Sunda geus anak-baranahan ngeusi rohang rak dina sakumna pustaka sastra sunda. Dikokojoan ku ngaran-ngaran, kayaning Ayip RosidiW (Jante Arkidam, 1967), Eddy D. Iskandar (Nu Ngaronghéap, 1978), Godi Suwarna (Jagat Alit, 1979), Kis. Ws, Rachmat M. Sas Karana (Ombak Laut Kidul, 1966 jeung Tepung di Bandung, 1972), Usép Romli HM (Sabelas taun, 1978), Surachman RM (Surat Kayas, 1967), Suyudi (Lalaki di Tegal Pati, 1963), Wahyu Wibisana, Yayat Hendrayana (Katiga, 1975) tug nepi ka Yus Rusyana (Nu mahal ti batan Inten, 1980), jeung sajabana anu pohara ngajembarkeun kana hawa sastra sunda, hususna dina wangun Sajak ti dasawarsa genepuluhan nepi ka salapanpuluhan, jadi euyeub ku warna jeung variasina. Kumpulan sajak kasebut, mindeng pisan ngeusi rohangan dina sababaraha surat kabar jeung majalah mangsa harita, saperti Sipatahunan, Warga Sunda, Kudjang, Mangle, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Giwangkara, Galura, jeung sajabana.

Sajak Sunda jaman kiwari leuwih ngébréhkeun rasa kaainganana, ngajorowokkeun jatidirina séwang-séwangan anu tangtu panjang kénéh lalakonna jeung perlu dibanrandungan kunu kawilang pupuhu.

“..abdi mah geus teu hayang ngagalindeng,
teu hayang haharérosan.
Tapi hayang ngajorowok sing tarik pisan.”

godi suwarna Sajak Sunda
(GS)

Sanajan kitu, nu penting ti hal éta mah tetep dianggap hiji wangun éksprési dina enggoning ngagelarkeun sastra Sunda sangkan lana. Mugia..!