Sabot suku karasa tiis kawas aya nu niupan, kuring kebat beunta bari ngagisik panon, rungah-ringeuh néangan ti mana sumberna. Karérét wékker digital lebah juru dipan, samar-samar teu pati awas bubuhan karék lilir téa. 0:37 || 02-august-10. Geus baku mun hudang wayang kieu téh, sirah rada beurat, bangun nyuhun nyiru nu kebek ku kadaharan can payu, pikeun iderkeuneun Ceu Aé mun rebun-rebun mapay pilemburan.

Hiukk.. karasa angin janari niup deui ti beulah katuhu teu pati bedas ngaliwatan hordéng jandéla kamar, ngan matak nyecep kana tulang.
Karék inget ayeuna mah, gura-giru kuring nututup-nulakan jandéla. Idung barudak disagédéngeun tibra pisan, tapi teu lila katémbong ngulisik. Kuring ngarongkong menerkeun tungtung simutna nu rada nyingkab.

Apa Mamah Surat surat ti CijulangNgahuleng sakedapan, ujug-ujug inget ka nu jadi kolot. Ti saprak harita mulang ka Cijulang, sanggeus meunang émbar yén akina si bungsu di lembur kacilakaan. Tonggongna katinggang cengkir kalapa sabot isuk-isuk keur sasapu di buruan imah. Sok inget baé kana sagalarupana, bubuhan yuswana geus kacongonakeun. Sumawona ieu katimbul kalapa, sanajan teu gedé ogé da ari umur sakitu katut tangkal kalapa di lembur kuring mah taya nu pendék.

Kuring muka koropak leutik dina laci lomari, ningal sababaraha lembar poto jaman baheula jeung surat-surat anu kungsi dikirim ka kuring. Aya hiji surat nu teu pernah bosen macana, sanajan rada panjang ogé.

Ampun paralun, yén judul tulisan di luhur ieu, lain nyadur tina judul buku Kumpulan Sajakna pun Paman, Mang Haji (Rachmat M. Sas Karana) anu dijieun tahun 1983. Kuring mah éstuing curhat tur pikeun ngingetkeun diri sorangan waé, ngeunaan mangrupi piwuruk ti kolot…. Mungguhing saturunan, mugia karesep katut pangabisa pun Paman (almarhum)  dina prosa sunda téh, nyakclak ka kuring.

Kuring Lanceuk Surat surat ti CijulangKuring nyokot salah sahiji amplop surat polos rada kandel, aya tulisan nu maksudna ditujukeun pikeun ka kuring jeung lanceuk. Geus semu leuseuh sabab mindeng pisan diropéa. Eusina dirapih meunang mesin tik bubuhan baheulana, keur jaman bajoang, pun Bapa téh cenah kungsi jadi juru ketik. Saterusna kuring ngamimitian maca eusi suratna…

Cijulang, 25 Januari 2005
Kanggo Putra Apa/Mamah:

Étéh + Asép,
Nu balageur tur saroléh,
Di Bumi.

Bismillahirrohmanirrohim.
Assalamu’alaikum wr. wr!

Du’a Apa/Mamah!
Téh, Sép, Apa émut kana kasauran Ma Umi nuju jumeneng kénéh, saurna Apa dilahirkeun téh taun 1936. Atuh upami diitung-itung mah umur Apa téh tos 69 taun jalan dugi ka 2005 téh.
Tapi mur Apa tos sakitu téh –tina masalah haliyah dunya– mah, Apa téh téh éstuning teu gaduh naon-naon, hirup nampah, ngan ukur pas-pasan. Tapi teu pernah ari dugika dina hiji waktu teu mendak dahar pisan mah, galib baé sareng batur.
Atuh tempat cicing/bumi, sakitu mah henteu tinggaleun-tinggaleun teuing, asa sami sapertos batur, asal ningalna baé ka anu sahandapeun.

Ari umur, ceuk barudak mah, aya bonus 6 taun upami ngukur kana yuswa Kangjeng Nabi Muhammad SAW mah.
Alhamdulillah, kantun tiasa baé mensyukurina kana ni’mat anu parantos dipasihkeun ku Gusti Alloh ka Apa.
Nya kitu Apa téh, ari panyakit anu aranéh-marodélmah teu gaduh, sapertos darah tinggi, diabétés, asam urat jeung sajabana, teu aya. Ngan kawantu geus kolot waé sok teu kaopan. Kurang saré timbul salésma, kabaribisan meueusan ogé babari rieut sirah. Nu puguh mah daratang panyakit B. belikan, boson, bésér. Tapi sanés berarti aral, da ieu mah hukum alam.

Dina ieu serat aya anu badé didugikeun ka Étéh + Asép, ieu mah kawajiban Apa/Mamah, mémang kitu kuduna, sepuh ka putrana, peupeuriheun masihan itu-ieu mah anu mangrupa matéri-dunyawiah, Apa/Mamah mah teu bisa, sanés teu hoyong da kitu buktosna sareng kaayaanana saperti ku Apa tos didugikeun diluhur.
Yeuh Téh, Sép. Nu penting urang mah kudu sabar, tawekal, soléh dina enggoning merjuangkeun hirup téh, anu dipamrih aya dina Rido Gusti Nu Maha Suci, miharep Rahmat sareng Berkah Pangéran Nu Murbéng Alam, jeung dulur sing répéh-rapih, sing hadé, ulah pakia-kia, pagirang-girang tampian, sing sareundeuk saigel sabobot-sapihanéan, ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak, komo urang mah keluarga leutik, dulur/adi-lanceuk ngan sakitu-kituna, lamun téa mah henteu kompak/akur, badé kumaha?
Kapan saur agama ogé, dawuhan Rosululloh, kedah nyeueurkeun silaturohmi jeung papada manusa, jeung dulur komo jeung keluarga. Ku jalan kitu pamuga-muga sing jadi keluarga anu “Sakinah-Mawaddah-Warohmah”, ari jalmi kapan di alam dunya mah mung sakedap, tuh anu langgeng mah engké di alam ahérat, tangtu baé salami aya di alam dunya urang urang téh kudu bebekelan keur sampeureun di alam ahérat, tangtuna ogé bebekelan anu hadé, anu dipikarido ku Gusti Alloh.

Pasti Étéh + Asép nanya, kunaon pangna Apa/Mamah nyarios kitu dina ieu serat. Jawabanana aya di Étéh + Asép sorangan.
Apa/Mamah terus terang ka Étéh + Asép ti sabada lebaran taun kamari dugi ka ayeuna bet béda rarasaan, ogé katingalina, kakupingna sareng kabandunganana, teu aya Étéh + Asép anu kapungkur, anu baheula layeut tur geugeut, anu baheula harmonis, anu baheula mesra adi-lanceuk, anu baheula lamun badé ka Cijulang Étéh + Asép babadamian keur ngagenahkeun sareng ngareugreugkeun haté kolot, anu baheula dalit runtut-raut. Ku kaayaan kitu, Apa/Mamah genah-betah asa bagja di alam dunya. Tapi tisaprak harita dugi ka ayeuna, bet siga aya garis pemisah aya jarak anu jauh kacida, jurang nu jero, rék nepi ka iraha?

Emhh.. Téh, Sép. Manusia di alam dunya, siapapun dan dimanapun punya masalah dan punya masa lalu, biarlah itu semua berlalu, mari kita kubur dalam-dalam. Ti ayeuna urang buka lembara baru yang bersih dan indah. Anaking Étéh + Asép keur Apa/Mamah mah hiji-hijina JIMAT anu berharga alabatan naon-naon lamun dibandingkeun jeung emas-berlian ogé. pisakumahaeun teuing saupamina Apa dipundut ku Gusti, ninggalkeun hidep duaan…lamun téa mah can balérés deui. Hal ieu pisan nu teu weléh jadi pikiran Apa/Mamah.
Terus terang Téh, Sép, nalika Apa/Mamah ngadamel ieu serat, Apa/Mamah ceurik ngagukguk maseuhan sapu tangan, bet pinuh ku nalangsa, teu genah kabina-bina, cacak ngurus anak ngan dua, bet teu bisa.

Tapi Apa/Mamah sadar, sadar ku kaayaan, lantara Apa/Mamah henteu bisa ngabuktikeun kanyaah ka anu jadi anak, ku teu bisa méré-mawéh nu berupa itu-ieu, lantara ku teu aya téa.
Ampun paralun dina haté mah jeung lamun aya mah pakeunna, hayang teman bro-broan siga batur anu karuan ékonomina, kawantu urang mah teu aya ti girangna.
Ku jalan kitu hampura Apa/Mamah, Téh, Sep!
Bral Étéh + Asép ku Apa/Mamah didu’akeun, sing répéh-rapih, sing marendak kabagjaankasenangan, dunya mah bisa disiar, ditéangan. Sakali deui, nu penting sing salabar-taweqal ngayuh hirup di alam pawenangan, pamugi aya dina Rahmat sareng Rido Pangéran.

Téh, si Asép geus tilu budakna, tur awéwé tiluanana, kadé ulah disaha-saha ku Étéh, éta téh sarua baé putra Étéh, Apa/Mamah titip, bantuan ngurus sakuatna jeung samampuna, pamuga sing jadi barudak anu saroléh, sing tiasa babakti ka kolotna. Sakali deui ku Apa/Mamah disebut, urang mah keluarga leutik, sing bersatu, sing kompak, sing silih wasiatan, silih élingan jeung silih titipkeun diri.
Beurang peuting Apa/Mamah teu weléh ngadu’a ka Nu Kawasa, mugia urang saréréa aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Kawasa, tur daréét rejekina, jarauh balaina. Amin !

Nalika sakola kamari keur pakanci, Apa/Mamah teu kamana-mana, boh ka Sragén boh ka Bandung, lantaran kantongna kosong baé. Sanés teu hoyong, ngan kumaha atuh. Kawuwuh danget harita Apa/Mamah kasorang aludur, sing raréngkol duaan. Ayeuna Alhamdulillah séhat.
Mugi-mugi baé Étéh + Asép ogé sing calageur-bageur. Amin!

Téh, Sép, rada panjang Apa/Mamah ngintun serat téh, sing sabar macana.
Pesen Apa/Mamah diluhur hoyong diperhatoskeun.
Dina Hari Raya Id anu bakal datang, pamuga urang sadayana bisa kumpul-ngariung deui kalayan aya dina Rohmat Pangéran. Pamugi baé urang sadayana paranjang umur. Amin!

Cag.-
Sono Apa/Mamah di Cijulang.

Wanci geus ngaliwatan janari leutik, Kang Dadang, modin nu rék adan awal di masigit sagédéngeun imah ogé karungu, kokolotrakan, baris nyiapkeun spéaker. Kuring nilepan eusi surat nu karék dibaca bari dareuda, terus diasupkeun deui kana amplopna…
“Ka masigit, Abahna…?” sora indung barudak rada peura, norojol ti tukangeun kuring, geus dimukena.
“Sarung – sajadahna tos sayogi, tuh luhureun enggon..” pokna deui, bari tuluy ngaléos rék mukakeun tulak panto hareup.

Insya Alloh, tangtos diperhatoskeun, Mah, Pa… gelendeng kuring, muru ka masigitkeun.

és deui.Étéh + Asép